26 Apr 2012

Contoh Prinsip Hidup dalam Bahasa Sunda

1. Hirup kudu jiga Jagong, ulah jiga Jambu Monyet. Jagong sanajan sikina loba tapi dibungkus rapih, teu jiga jambu monyet, mamerkeun siki anu ngan hiji-hijina. *Hartina jadi jalma ulah sok pamer.

2. Hirup kudu Jiga Duren ulah jiga Kadongdong. Duren sanajan luarna pinuh ku cucuk, tapi jerona lembut jeung amis, teu jiga kadongdong luarna lemes tapi jerona kasar jeung rasana haseum. *Hartina alus gorengna jalma teu bisa ditingali luarna hungkul.

3. Hirup kudu jiga Bangkuang. Sanajan aya dijero taneuh nu kotor, tapi eusina bodas beresih. *Hartina kudu pinter ngajaga diri ulah kapangaruhan ku lingkungan. 

4. Hirup kudu jiga buah dada. Dibutuhkeun ku budak, dipikaresep oge ku bapana. *Hartina hirup kudu loba manfaatna.

5. Hirup ulah jiga buah zakar, keur mah goreng patut, katowel saeutik oge bisa langsung rengkeng. *Hartina jadi jalma kudu sabar, ulah babari kasinggung jeung gancang ambek, heuras ... tur bari nyiduhan...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Copyright by Perdetik Blog